Kamis, 14 Juni 2012

Imam Nawawi: Picontoeun Balarea

Imam Nawawi: Picontoeun Balaréa Ku Mahmud Yunus Perkara lumrah, upama urang kungsi (ngarasa) resep ka papada kaula. Aya nu resep kana rupana jeung adeg-pangadegna. Aya nu resep kana réngkak jeung paripolahna. Aya nu resep kana préstasi jeung kasuksésana. Aya nu resep kana harta-banda jeung kalungguhana. Aya nu resep kana ibadahna nu langsung ka Allah SWT jeung nu tumali jeung sasamana, jsté. Ngan tangtu baé, éta pigur nu dipikaresep téh alusna mah nu bisa dijadikeun picontoeun dina kahadéan (uswah hasanah). Pigur nu bisa dijadikeun picontoeun dina kahadéan jumlahna teu réa. Ku lantaran kitu, urang kudu ati-ati dina milihna. Sabab, nurutkeun Al-Quran teu sakur perkara nu dipikaresep ku urang alus mungguh Allah SWT. Sabalikna, sakur perkara nu alus mungguh Allah SWT pasti alus keur urang. Najan urangna teu (pati) resep. Pigur-pigur nu bisa dijadikeun picontoeun/tuladeun nya éta para Nabi jeung para Rasul, para sahabat, tabi’in jeung para tabii’ al-tabi’in, turta para ulama salaf al-shâlih. Di antara para ulama aya nu jenengana kawentar ka sakuliah dunya (hususna di kalangan para santri) nu kasohor Imam Nawawi. Saha téa Imam Nawawi téh? Jenengan lengkepna, nya éta Abu Zakariya bin Syaraf bin Mari bin Hasan bin Husain bin Muhammad bin Jum’ah bin Hizam An-Nawawi Ad-Dimasqi. Anjeuna dibabarkeun di Nawa kaeréh wewengkon Hauran taun 631 Hijriyah. Titél An-Nawawi sabenerna lain ngan saukur al-Imam (nu mingpin). Anjeunna ogé katelah al-Hâfidz (nu apal Al-Quran), al-Fâqih (nu ahli fiqih), al-Muhaddits (nu ahli hadits), nu ngabéla sunnah Rasulullah SAW, nu entang-entangan nolak bid’ah (perkara nu diaya-ayakeun), nu bajoang keur nanjeurkeun élmu-élmu (agama) Islam, jeung sajabana. Kacaritakeun hiji waktu basa An-Nawawi keur reresepna ulin jeung batur-baturna, ramana kasumpingan ku hiji lalaki. Ieu lalaki pupulih ka anjeuna yén teu saeutik warga di éta tempat nu kataji ku bakat jeung poténsi nu aya di ieu budak. Satuluyna, manéhna meupeujeuhan ieu budak téh ulah disakarepnakeun kitu baé. Kudu dibingbing sina diajar ngaji. Sina tolab élmu agama. Ngagugu kana saran ti éta lalaki, ramana teu talangké deui. Nya ti harita, An-Nawawi mimiti diajar maca jeung nalar Al-Quran. Bener baé, bubuhan diajarna ogé ka guru nu masagi deuih; nya ti waktu ka waktu kamajuan bacaan jeung talaran Al-Quran An-Nawawi “leutik” téh beuki katémbong. Kétang, kituna téh lain dina perkara maca jeung nalar Al-Quran wungkul. Da puguh dina pelajaran séjéna ogé bisa disebutkeun nyongcolang pisan. Sakumaha nu dicaritakeun ku guru-guruna, sagigireun ti pinter tur calakan An-Nawawi mah wani ngorbankeun waktu ulina keur diajar. Bisa disebutkeun, sapanjang hirupna digunakeun keur diajar. Ceuk sawaréh guruna, hiji waktu manéhna dipaksa kudu ulin bareng jeung batur-baturna. Harita manéhna datang ka ceurik bakating ku embung. Tapi, ceuk guruna kénéh, najan bari inghak-inghakan manéhna teu poho maca/nalar ayat Al-Quran. Hasilna? Saméméh ngalincak balég/déwasa manéhna geus mampuh nalar Al-Quran sagemblengna. Nincak umur salapan taunan, ramana ngahaja ngirimkeun An-Nawawi ka Damsyik. Di Damsyik manéhna diasupkeun ka Madrasah Ar-Rawahiyah taun 469 Hijriyah. Di dinya, préstasi akademikna beuki nyongcolang. Naon buktina? Di antarana baé, kitab At-Tanbih ditalar sabeuleugeunjeurna jero opat satengah bulan. Kitab Al-Muhadzdzab karangan Asy-Syirazi ditamatkeun dina waktu dalapan bulan. Kituna téh bareng jeung ngapalkeun kitab At-Tanbih. Sataun reujeung. Préstasi kasebut, dihenteu-henteu ogé lantaran dibingbing ku guruna; Al-Kamal Ishaq bin Ahmad bin Usman Al-Maghribi Al-Maqdisi. Al-Maghribi téh minangka guruna nu munggaran dina widang Fiqih. Sang Guru kataji luar biasa ningali kasuhudan An-Nawawi diajar. Nya kitu deui ku préstasi akademikna. Atuh teu héran, teu lila ti harita An-Nawawi geus dipercaya jadi “asistén ahli”. Jadi guru keur sabagian gedé jamaahna (santri-santrina). An-Nawawi kungsi diajar ka sababaraha guru nu kamashur waktu harita. Kaasup: Abdul Aziz bin Muhammad al-Ashari, Zainuddin bin Abd al-Daim, Imaduddin bin Abd al-Karim al-Haratsani, Zainuddin Abu al-Baqa, Khalid bin Yusuf al-Maqdisi al-Nabalusi, Jamaluddin bin Asy-Syairafi, Taqiyuddin bin Abu al-Yusri, jeung Syamsuddin bin Abu Umar. Hususna dina widang Fiqh al-Hadits, manéhna milih diajar ka Syeikh al-Muhaqqiq Abu Ishaq Ibrahim bin Isa al-Muradi al-Andalusi. Satuluyna dina widang Fiqih inyana ngaguru ka Al-Kamal Ishaq bin Ahmad bin Usman Al-Maghribi Al-Maqdisi, Syamsuddin Abdurrahman bin Nuh, jeung ka Izzuddin Al-Arbili. Sagigireun neuleuman élmu-élmu kaagamaan, kasibukan An-Nawawi séjéna nya éta ngawuruk, ngarang buku, ngalaksanakeun ibadah jeung dikir. Kacaritakeun An-Nawawi saban poéna diajar dua belas mata pelajaran. Mun dibandingkeun jeung jadwal mata pelajaran di madrasah/sakola jaman kiwari, ieu téh kaasup luar biasa. Sabab di madrasah/sakola jaman kiwari sapoéna paling-paling ukur opat mata pelajaran. Samata pelajaran rata-rata alokasi waktuna dua jam pelajaran. Sajam pelajaran paling sakeudeung 35 menit, paling lila 45 menit. Pelajaran-pelajaran nu kudu “diteureuy-buleud” ku An-Nawawi saban poéna téh: (1 jeung 2) Dua pelajaran ngeunaan Al-Wâsith; (3) Sapelajaran ngeunaan Al-Muhadzdzab beunang Asy-Syirazi; (4) Sapelajaran ngeunaan Al-Jam’u Baina Ash-Shahihain beunang Al-Humaidi; (5) Sapelajaran ngeunaan Shahih Muslim; (6) Sapelajaran ngeunaan Al-Luma’ beunang Ibnu Jana; (7) Sapelajaran ngeunaan Ishâh al-Mantiq beunang Ibnu Sikkit; (8) Sapelajaran ngeunaan Tashrif; (9) Sapelajaran ngeunaan Ushul al-Fiqh; (10) Sapelajaran ngeunaan Rawi al-Hadits (ngaran-ngaran jalma nu ngariwayatkeun hadis); (11) Sapelajaran ngeunaan Ushul al-Dîn; (12) Sapelajaran ngeunaan Al-Quran al-Karim. Saban ngaji, An-Nawawi tara poho méré tanda/nyirian (dina kitabna) boh patali jeung harti kecap-kecap sulit pon kitu deui patali jeung penjelasan atawa maksud bahan pelajaran nu ditarima poé éta. Sanggeus balik ti pangajian, matéri pelajaran nu cikénéh diajarkeun ku guru téh langsung dibaca deui. Buru-buru diapalkeun! Iwal ti kitu, An-Nawawi mah tara elat tina ngamalkeun élmu nu geus ditarimana kalawan daria. Antukna, ieu (calon) imam téh kakoncara salaku nonoman nu wara’ (tumut kana saniskara aturan Allah SWT katut Rasul-Na, turta jajauheun tina ma’siat). Kitab-kitab nu dijadikeun bahan pelajaran ku An-Nawawi rupa-rupa. Di antarana: Kitab Hadits nu genep téa; nya éta Shahih Bukhari, Shahih Muslim, Sunan Abu Dawud, Sunan At-Tirmidzi, Sunan An-Nasa’i, jeung Sunan Ibnu Majah. Kitab-kitab Al-Muwaththa beunang Imam Malik, Musnad Asy-Syafi’i, Musnad Ahmad bin Hanbal, Sunan Al-Dârimi, Sunan Al-Daruquthni, Sunan Baihaqi, Syarhu al-Sunan Al-Baghawi. Kitab-kitab A’malu Yaumi Wa al-Lailah, Al-Jami’ Li Adâbi al-Qusyairiyah, Al-Ansâb, jrrd. Moal salah deui, An-Nawawi ngarupakeun hiji peribadi nu jembar élmu pangaweruhna turta réa pangabisana. Sagigireun ti éta, inyana ngarupakeun pigur nu wara’, zuhud, sabar, jeung qana’ah. Hirupna éstuning basajan pisan. Ceuk sakaol, keur nyumponan kapereluan hirupna sapopoé ukur ngandelkeun tina warisan kolotna nu teu sabaraha. Katambah sautak-saeutik tina sidekah (amal jariyah) nu disumbangkeun ka Madrasah Al-Rawahiyah nu dipingpina. Ngan sok sanajan kitu, An-Nawawi kadang-kadang masih bisa nyempetkeun ngaluarkeun sawaréh tina hartana keur kapentingan balaréa. An-Nawawi kacaritakeun, saban peuting waktuna dimangpaatkeun keur ibadah jeung nulis buku-buku kaagamaan. Sésa waktuna, digunakeun keur da’wah. Ngajak sasamana kana jalan bebeneran jeung nyegah tina jalan kabatilan/kama’siatan. Buku-buku atawa kitab-kitab karangan An-Nawawi réa kacida. Ieu leuwih ti cukup keur ngabuktikeun yén manéhna ngarupakeun ulama nu produktif. Sarta ngarupakeun sidekah jariyah nu bisa dialap mangpaatna tangka kiwari. Upamana baé: (1) Syarah Muslim; (2) Al-Irsyâd; (3) Al-Taqrîb; (4) Tahdîb al-Asmâ Wa al-Lughat; (5) Al-Manâsik al-Shughrâ Wa al-Ma-nâsik al-Kubrâ; (6) Minhâj al-Thâlibîn; (7) Bustân al-‘Arifîn; (8) Raudhât al-Thâlibîn fî Umdat al Muftîn; (9) Al-Adzkâr, jsb. Singgetna, moal aya nu wani nyangsikeun An-Nawawi téh pada ahirna geus “ngajanggélék” jadi ulama gedé. Hususna pisan mah dina widang Fiqih jeung Ushul al-Addin. Nurutkeun sawatara sumber, An-Nawawi kaasup ti antara saeutik ulama nu mampuh ngahontal puncer élmu Fiqih (Madzhab) Imam Syafi’i jeung imam-imam liana. Iwal ti kitu, anjeuna ogé kungsi mingpin Yayasan Dâr al-Hadîts al-Asyrafiyah al-Ulâ. Lantaran mémang élmu hadisna hébat, anjeuna ogé ngajarkeun hadis di éta Yayasan. Najan teu dibayar. Ku sabab kitu teu anéh upama beuki lila beuki réa generasi muda Islam jaman harita nu hayang langsung diajar ka anjeuna. Sawaréhna murid-muridna, nya éta Al-Katib Shadruddin Sulaiman al-Ja’fari, Syihabuddin al-Arbadi, Syihabuddin bin Ja’wân, Alauddin al-Athâr, Ibnu Abi al-Fath, jeung Al-Mazi. Dua ngaran nu disebut pandeuri kaasup nu mindeng ngariwayatkeun hadis nu asalna atawa nu datangna ti An-Nawawi. Tayohna, sanggeus ngarasa cukup nyiar élmu jeung nyebarkeun élmu di Damsyik, Imam Nawawi mulang deui ka lemburna. Ka kampung Nawa. Saméméh anjog ka Nawa, nyimpang heula ka Al-Quds jeung Al-Khalil. Ngadon jarah. Ternyata teu kungsi lila aya di dinya, Imam Nawawi teu damang. Kalawan disaksian ku ibu-ramana, Imam Nawawi pupus wengi Rebo kaping 24 Rajab taun 676 Hijriyah. Dina yuswa kirang langkung 45 taun. Atuh puguh baé teu saeutik warga Damsyik nu ngarasa sedih jeung leungiteun. Layon Imam Nawawi dikurebkeun di Nawa. Tempat dibabarkeunana. Tangka kiwari makamna dipulasara. Béjana, réa ogé umat Islam nu ngahaja ngadon jarah ka dinya. Mugia Allah SWT ngalélérkeun rahmat-Na sareng ngaluhurkeun darajatna. Âmîn Yâ Rabbal Âlamîn (Tina sababaraha sumber).***

Selasa, 20 April 2010

Muhammad: The Seal of The Prophet

Prophet Muhammad (Peace Be Upon Him) worked tirelessly throughout his lifetime to elevate society, in the hopes of creating a more perfect and just world.

Islam teaches that the first Prophet was actually the first human, Prophet Adam (Peace Be Upon Him). Adam would be the father to all humanity, and God bestowed another blessing upon him: He would be the first of a long line of Prophets, or messengers of God. Their responsibility would be to teach humanity, to uplift them, to bring them the beautiful message of God. This would be done in the hopes of helping humanity fulfill its ultimate potential of true service to God, in helping one another, making the world a better place, and worshipping the Almighty.

The word “Prophet” is used to indicate that a person is a messenger of God, that he is God’s representative on Earth, and that the individual can be trusted in all matters, without any fear of corruption, malice, or ill-advisement. Historically, Prophets have lead or saved nations, redefined history, and been the moral compass by which philosophers have theorized.

Prophet Muhammad was the last in this ancient line of Prophets. His mission was clear: he was to bring the final message of God, to clear matters of confusion, to restore the truth about religion, and guide humanity back to its noble origin: worship of God.